Minggu, 06 Februari 2011

Carpon : KELEPON


Ku :Ecep Yuli Sukmara

Geus jadi aturan Mas Mulyono salaku RT di lembur kuring, mun ningali, daptaran jadwal ronda malem Minggu, nu geus lakirabi, ti mimiti RT, Kuring, Kang Maman, Mang Nurdin, Dede, Kang Aceng jeung si Bohol. Ari barudak ngora mah biasa bae ngan ukur ngabaturan jeung bari nyoro udud meureun.
 “Baelah ambeh haneuteun, jeung aya purah nu ngaliwet”, ceuk mang Nurdin harita.

Ngan basa minggu tukang, asa teu ningali kang Aceng ngaronda, cenah mah aya kaperluan. Keur nyaba kanu hajat, adina nu di pakidulan. Duka bener henteu na mah lamun kang Aceng pareng hadir ngadak-ngadak sok calalenghar nu ngararonda teh, komo mun geus ngalalakon mah, sarerea oge tara masualkeun realistis jeung henteuna nu penting rame.

Keur aranteng gapleh ari torojol teh Kang Aceng mawa bungkusan nu eusina dahareun.
”Tah barudak kakaren ….euy !”
“Ah, enggeusan wae euy ..! diterusken oge moal bale,” si Bohol bari pakupis leungeunna ngarongkong bugis.
 “Aaaa….anjiii….rrr ! leungeun dewek  kajejek siah…. Deon!”
 “Maap Mang  ! teu kahajaa… !” ceuk si Deon.
“Beresan ..euy kartuna ! Ang, ! Keur piparagieun deui !” sora mang Nurdin.
“Ke heula sakodooong kagok, Ciuu.. ! lah” bari semu ngasom.
 “Betah Kang..di kidul teh?” ceuk kuring
 “Ah kaluman, jeung cape dijalanna Ruuuu….! Badis wae wahangan saat,” walon Kang Aceng bari mesat ngaluarkeun roko tina pesak jeketna. Bageur Kang Aceng ari kana dahareun mah,  ngan mun palebah roko sok dipirit siga nyabut gobang ceuk si Bohol tea mah.
“Lainnya beda tempat, beda kabiasaan, beda pangaresep, jeung beda pangabeuki, Ruu… nya?”ceuk Kang Aceng deui. 
“Tah…tah… sigana mah rek ngamimitian ngalalakon..yeuh!” gerentes kuring.
“Aaaah… naha bujur baseuh ieu teh….paiiingan ! Pangnyokotkeun ellaap....! Deeooon” Sruuutt…cereleeeng, aya nu disada. Gek kang Aceng diuk deui.
 “Heueuh da sagala rupa oge mun geus beuki jeung karasa ngeunahna. Tong boro karek kajejek model sayah ceuk paribasa oge tunggul dicaruk catang dirumpak,” si Bohol mere asumsi.
“Asa inget dongengna Ki Alsiam basa adi mitohana kapapatenan ditinggal maot ku salakina, biasa di lembur eta mah sok ngayakeun tahlilan, tah nu kapapancenan pikeun mupuhuan tahlil teh Mama Ajengan nu boga pasantren di eta lembur.

Demi ari tuangeun nu dipikaseneng ku mama teu aya deui iwal ti kelepon. sapangeusi
lembur  oge tos aruningaeun atuh pribumi oge geus  surti kelepon mah tangtu kudu aya haturan mama, malahan  keleponna ge bade husus pesen ti bu Euis Susi, nu sok ngadamelan kelepon, sarerea ge moal bireuk deui kana kelepon bu Euis Susi mah mama ku anjeun kantos nyarios :
“Enyaan kelepon buatan Neng Tia mah rasana teh beda tinu sejen na make nanahaon, da bahanna mah meureun tina boled-boled keneh”
Kocapkeun prung wae tahlilan teh Mama Ajengan teu loba biantara, saperluna bae
malahan teu sirikna dikebut. Beres tahlil lalawuh gancang dikaluar-luarkeun  ku pribumi. Teu hilap kelepon malihan mah dijagragkeunana oge payunen Mama Ajengan pisan. Mama Ajengan ningal kelepon meni tos kumetap, atuh anjeunna ngemut bae sok inggis teu kabagean kelepon bari humandeuar na manahna.
 “Nu datang teh loba geuning, budak ngora ge biasa hararese kana tahlil mah teu siga lalajo bend ayeuna mah aya “
 Teu ku hanteu, ngadak-ngadak palebah tonggong Mama aya nu ateul, panangan dikatukangkeun maksadna bade gagaro, bareng jeung eta aya nu disada”KLIK” Peee….eeesss lampu pareum rohangan nu dipake tahlil poek mongkleng menang sababaraha kojepat mah 
“Laaakaadaaa…laaah siah!” gerentes Mama deui wae.
 ”Aah ..kumaha ieu teh lampu pareum!” ceuk nu aya dirohangan.
“Ku naon nya henteu  katincak mah kabelna.. !” soanten bu Juanah ieu mah.
 “Kadee… euy tong nyakuan roko ! budak ngora!”.   

Kaayaan teu puguh di tempat kajadian teh. Ari Mama waktu keur poek.
“Ah geus beres urang ceklekkeun deui siah stop kontak na” dina jero hatena. Bari pananganana dikatukangkeun deui sanggeus memener kopeah.

Na ari  bray  teh, sapada harita oge tempat teh caang deui. Ngan edas sarerea nu aya di rohangan tempat tahlil ngarasa heran.

 “Na aya kajadian naon, Kang? “ barudak di pos ronda raong.
 “Heueuh kelepon na piring hareupeun Mama nyampak geus euweuh ngan tinggal parud kalapana jeung siga sesa pangacakan”

Santri nu diuk kenca-katuhu gigireun Mama Ajengan teu lemek teu nyarek sieun katudingan.

 “Permios wae Mama mah moa lila…! Loba hanca,” bari ngojengkat cengkat.
Jedaak.. teh mastaka Mama tidagor kana lomari gantung nu aya luhureun mastaka dugi ka kopeah na murag, bareng jeung nu  racleng ngagorolong baruled tina mastaka Mama.

“Euleuuuh …Kelepon ! Kelepoonnn !!” sarerea meni raeng.
Pribumi hariweus-weus sieun Mama kumaha onam 
“Teu sawios-wios Mama…? Eta mastaka dugi ka baloboran geutih….!”nyampeurkeun bari rada mesem.

“Lain siaaaah.. ! Ieu mah lain geutih kincaaa! Kelepon deuleuuu!”
Saur Mama bari henteu poho ngaletak gula nu ngucur tina mastakana ku pananganana, kebat muru kaluar.

 “Naha nya da sakanyaho sayah mah, mastaka Mama Ajengan mah lenang. Geuning ari teu make kopeah mah ges cetuk huis,” ceuk budak ngora sowong.

“Lain siaaah eta mah lain huis, parud kalapa!” ceuk santri nu diuk gigireun urut Mama Ajengan. Bari cengkat rek nangtung “Jedaak!”sirah santri tidagor… Lesss…kapiuhan pada ngarerenyang.

 “Mun kadieu…nya ngagorolongna teh hiji wae rek disamualkeun ku sayah..” cek si Bohol bar jedak tarang  si Bohol tidagor kana kohkol di pos ronda eaaa…kk…eaaakkan .   ! Cag…ah ! ****

Penulis, Guru SDN Ciparay VI Kec. Ciparay, Kab. Bandung

Status : Anggota AGP PGRI Jabar

klik alamat desk anggota agp:
http://sekretariatagppgrijabar.blogspot.com/2011/02/daftar-anggota-agp-pgri-jawa-barat.html
 
Sumber : Majalah Suara Daerah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar