Senin, 27 Juni 2011

WARTOSAN ENGKANG…GEULIS, MANGLE 2328 23-29 Juni 2011

Ku : Ecep Yuli Sukmara

Di warung deukeut kampus PGSD wanci satengah dua belas beurang panggih jeung Iis tѐh. Harita kuring pareng ngadaftarkeun si cikal “Aa antosan heula di dieunya bilih  dipanggil bapa badѐ ngagaleuh heula roko ka warung !”ceuk kuring harita. Teu boga sangkaan ѐta Tѐh Iis,seug manѐhna teu nanya ti heula lapur moal apal da sidik mani sagala robah katingali geus kolotna najan masih kѐnѐh aya kereutan geulis keur ngorana mah.

“Dѐdѐ,nya? ”pokna bari neges-neges.
“Muhun” cekéng tѐh  bari  nyinghareup ka nu  nanya.
“Kѐ…Iis ieu tѐh?" kuring malik nanya.
“Enya ..! Di mana ayeuna?”
“Didieu..! hѐ..hѐ..!”jawab kuring bari ngahѐhѐ.
“Ih anggeur masih kѐnѐh wѐ heureuyna mah! Ngan nu robah tѐh buukna wungkul teu diponi, ayeuna mah teu siga kuda galak..! tugas maksud tѐh !” pokna deui ka kuring.
“Di Ciparay ,Is..! mimiti diangkat mah di pakidulan Cianjur ! Nuju aya naon Iis didieu? Sami nuju ngadaftarkeun putra?”
Ah sanѐs da si Enѐng mah tos seméster opat, biasa waѐ tos babayar tempat kosna! ayeuna bade  ngiring heula uih" témbal Iis bari gѐk diuk.
“Mana ayeuna si Enѐngna?”
"Nuju aya lereskeuneun  ka bagian akademik, saurna !” bari panonna mah ngawaskeun ka lebah kampus
“Tuuh..!  siga-sigana mah  si Enѐng muru kadieu!” ceuk Iis ngagerendeng. Teu kungsi lila
“Mah… hayu ah ! urang wangsul da parantos!”ceuk budak mojang nu anyar datang.
“Tah ieu si Enѐng tѐh! Salam atuh Nѐng ! ka Pa Dѐdѐ rѐrѐncangan mamah  waktos di SPG! Apa, Ema sareng ua Tini Jogya ogѐ aruningaeun da kapungkur sering ameng ka bumi",  Iis nyoroscos ka anakna.
“Sami Nѐng  sareng mamah badѐ janten guru, nya ? pinter Enѐng mah tiasa katampi," ceuk kuring bari nampanan leungeun budak nu ngajak sasalaman.
“Yu …ah Dѐ, abdi ti payun, mugia tuang putra sing  katampi! Sareng iraha atuh badѐ ameng ka abdi," ceuk Iis bari cengkat .
“Insya Alloh pami aya waktos, Is..! ari murangkalih libur. Sareng nu utamina mah aya kanggo beukeul barudak!”. 
Sanggeus Iis jeung budakna, ninggalkeun warung baralik, jadi inget mangsa katukang keur waktu sakola, lalampahan bruh breh narembongan, pikaseurien, pikaseubeuleun, pikakeuheuleun numpuk jadi bahan picaritaeun. Kelas tilu A hiji ѐspѐgѐ keur ujian poѐ patungtungan, uteuk geus leuseuh, rѐt kagigir babaturan anteng migawѐ soal, nempo si Asѐp Nurdin ngahuleung bari muntir muntir kumis nu panjang jeung rogok. Si Apandi katempona tѐh ngabigeu cara bueuk meunang mabuk, Si Mѐmѐt, Imas, Hѐra, Ujuh, Ajat jeung….,ah pokona kabѐh keur mabok soal, ningali Èmma waѐ nu pangmѐncrangna di kelas dirѐrѐt tѐh keur ngerelek heuay atuh najan geulis ogѐ nempo kitu  mah angger waѐ, siga nu rѐk nyogot, bari jeung bѐda bѐda polah, tapi rѐrѐana mah sarua pikaseubeleun.

Teu rѐk kitu kumaha, atuda mikir mani sataker kebek, jeung enyana soal nu ayeuna mah bѐda jeung soal nu enggeus, loba ѐssayna, soal saeutik tapi jawaban baranahan anak incuan, turug turug nu ngawasna guru anyar ketat, pokona, teu bisa ngapalkeun bari ulangan.
Pikaseubeleun tah si Guru dayut teh kuring nyebut ka pa Dayat  guru anyar tѐa “dayut” dumѐh ѐta patuanganana  bangir kapayun, jeung teu jauh  tina ngarana mun dipletsetkeun ceuk budak jaman kiwari mah., tapi kuring teu wani nyebutkeun dayut hareupeunna mah kuriak moal bisa ngilu ujian. Teuing kunaon kuring sebel-sebel  teuing ka guru anyar tѐh padahal can kungsi kaajar ku manѐhna mah. Dumѐh ѐta kitu pѐdah guru ngora jeung bisa narik simpati Iis?  da katingalina tѐh bangun geus loma jeung Iis mah, sok ningali ari waktu istirahat. 

Rѐt kana soal jeung lembar jawaban anu kuring, beresih taya tulisan naon-naon, baju beresih alus da ari kertas jawaban  beresih  mah…gorѐng! hatѐ ngageremet.
“Waktu tinggal  seperempat jam lagi !” kuring reuwas basa guru pengawas ngomong kitu, sorana agem jeung wibawa maklum geus aya umuran  nyebut ngora tѐh pedah can kawin. Bet ku asa ngagancangan waktu tѐh, kari sapuluh menit deui, lembar jawaban masih tetep kosong, ti batan kosong mending  usaha tual toѐl atawa tѐtѐjѐh susuganan aya nu haat mѐrѐ jawaban, meh teu kosong polongpong teuing.
Mimiti nyoba ka si Adѐ Nur nu diuk hareupeun korsina di tѐjѐh ngalieuk
“Dѐnur, bѐjaan sayah…euy !" kuring ngaharѐwos. Tapi teu lila luk tungkul deui ngerjakeun soal kuring mah teu dipalirѐ.
"Kasebelan  siah !“ ka si Ating sumawonna, usaha terus ayeuna ka Iis nu diuk gigireun si Rahmat rada jauh Iis mah, ngan  bageur kana pasti mѐrѐ kuring yakin! bѐrѐwѐk nyoѐkeun kertas  gutrut nulis, tuluy  dipintel-pintel, bee..le..weer………..!! dialungkeun ka leubaheun Iis .  Kertas can murag, tapi…..!”Yang belakang kerja sendiri!” moal salah, Si kasebelan ta, bari leumpang katukang nyokot kertas beunang kuring tuluy  dibuka pok  dibaca tarik naker. “Iis wartosan Engkang geulis, kѐ wangsul  dipasihan rujak bangkuang .. ! Plisss dѐh !” ger ngadadak ramѐ di kelas bari naringali ka kuring, hadena  boga pakulitan sawo buruk mun, bodas saingan sigana jeung kelir beungeut si Cepot “Waktunya habis kumpulkan!” kuring pasrah!kelas bubar.  
            
 Sanggeus aya di luar “Kasebeulan tah  jelema tѐh! Jeung ngawiwirang sagala untung  geus pada nyaho di kelas ogѐ pan disebutna sѐksi Rѐmidial  Sayah  mah… !” ceuk kuring ka Iis basa balik bareng.
“Saha nu pikasebeleun tѐh?”ceuk Iis.
“Eta Pa Dayut….”
“Teu kenging kitu ah bisi kawalat ka guru mah!” Iis bari imut nempo ka kuring, sѐrѐdѐt aya nu nyѐrѐdѐt kana hatѐ bogoh. “Èta atuda meni super ketat” kuring jamedud. Iis angger imut, kuring jeung Iis tuluy leumpang.
“Uyuhan nya Iis!”.
“Uyuhan naon tѐa sok teu pararuguh?” tѐmbalna bari kerung.
“Mang uyuhankeun ka awѐwѐ nu jadi kabogohna Guru teu payu tѐh!”ceuk kuring. Keuheul tuda Iis mah bangun sok mangmenangkeun waѐ sikasebelan.
“Ah saha nu terang piistrieunnana mah geulis sapertos Iis” kitu cenah bari ngalem sorangan . “Ah pokona mah  uyuhan wѐ ! Èta mah awѐwé nu henteu.."
"Heunteu naon ..?" ceuk Iis.
"Henteu…..henteu…!  nyaho seléra…!!, awéwé kuno!” kuring ngabudalkeun kakeuheul, Iis mah tenang wé ngadédéngékeun ambek kuring. Lila-lila kapikir ku kuring naha bet jadi ngutruk ka Iis, barina ogé. Dosa, ngomongkeun nu sejen komo ieu Guru.!

Kuring neuteup anteb ka manéhna geulis geuning Iis téh. Bogoh “Is ,engké  badé ameng ka bumi, nya? Da malem minggu” ceuk kuring teu éra deui. Iis teu ngomong meunang sajongjonnan mah ngabetem. “Kumaha Is?" kuring maksa.
“Mangga !” walonna pondok. Tah éta pisan jawaban nu dipiharep teh !

Peutingna,kuring ngajugjug imah  Iis, asa éra rék asup téh.
”Assalamualaikum….” cekéng téh bari ngetrokan panto.Teu kungsi lila panto muka, Iis pisan nu mukakeun pantona ogé.
“Wilujeung wengi Is!”
“Wengi, sok ka lebet !” Iis ngahihiap, teu loba pikir kuring asup. Tapi, kuring rada reuwas jeung héran, sabab ningali  Pa Dayut  keur diuk na sofa dibaturan ku  Tini lanceukna Iis. Kuring  jadi hemar-hemir,  boa-boa Pa Dayat téh  calon salakina Tini lanceuk Iis ?
”Beu..! geus wirang deui waé yeuh!” gerentes haté kuring.
“Pa Hayu  uih," ceuk sora gigireun, ngabuyarkeun panineungan kuring harita.
“Aéh, geuning Aa! atos A…!" ceuk kuring asa  kagebahkeun, mireungeuh  budak geus nyampak gigireun ngajak  balik teu kanyahoan datangna.**